KADE WAWAKIL “BEURIT” DI NAGARA URANG - Surya Suwarna

Surya Suwarna

menulis = berbicara .......

test banner

Post Top Ad

Responsive Ads Here

KADE WAWAKIL “BEURIT” DI NAGARA URANG

Share This
Bener asa teu pamenangkeun ari rahayat leutik , heeuh aralus ari ngomong di harepeun tivi mah yén maneh na teh segut ngomong  “ aing teh wawakil rahayat nu merjuangkeun sora rahayat timimiti nu leutik semeut kanu gede”,  nu penting mah nu leutik heula we bener bener perjuangkeun teh, lain ukur di kedokan ku carita wungkul nu akhirna jadi bukur teu ka ala pati-patina acan, ari rahayat geus  bergejolak di handap kakara we daraek ingkah merjuangkeun rahayat, maenya kudu unggal poe demo, manya kudu unggal poe gogorowokan di gedong dewan tapi didengekeun  henteu.
Ceuk bahasa pulitiknamah loba nu bengeut pencitraan hungkul, teu nutup paningali yén loba wawakil urang “rahayat” nu di pilih kurahayat, nu geus ka amanatan kurahayat tipoe ka poe asa beuki maceuh anu korupsi ngahakanan duit rahayat anu katewak ku KPK ( Komisi Pambarantasan Korupsi), sakitu gede jasana KPK pikeun rahayat nyalametkeun duit nagara nu asalna  tirahayat-rahayat keneh, matak bener rahayat nepi ka bebeakan ngadukung KPK  pikeun meresiahan KORUPSI, tapi aya nu nyieun piluluconeun tapi teu lucu? Nyatea wawakil rahayat nage nu calik manis di korsi dewan malah katinggalina edek ngalemahkeun KPK. Ari dina omongan dek ngadukung  nguatkeun KPK , eh ari dina bukti namah kalah kah ngajurus ka na ngaleleuskeun  KPK.
Timimiti anggota dewan ngabintangan dana pikeun  pangwangunan  gedong KPK  neupi ka dek ngarevisi Undang-Undang KPK nu ceuk sabagaian kalangan yen mun Undang- Undang eta di Revisi tangtu bakal bisa ngaleleuskeun KPK.
Pantes atuh kugemesna gemesna teuing ka anggota dewan anu ngabintangan pangwanguanan gedong KPK tandana can diwidian atuh timimiti masyarakat tukang beca, PKL, MahaSiswa sarta sakabehna masyarakat nu ngadukung kana meresiahan Korupsi nu aya di Nagara urang, sakabehna paheyek-heyek leungeun , sabilulungan, sauyunan ngagalakeun “ SAWERAN PIKEUN KPK”, teu eramah kitu eta anggota anu calik di gedong dewan ? ari manaehna nganggarkeun dana pikeun nyieun lapang parkir jeung toilet mangmiliyar-miliyar diutamakeun bari sabenerna rahayat teu ngadukung pikeun nyieun sarta ngomean toilet nepi ka mangmiliyar-miliyar ?, Emang anu dipiceun dina toilet eta teh emas atawa naon? Atawa beda kitu nu dikaluarkeun ku rahayat leutik jeung anggota dewan nu di piceunana?, padahal basa itu ge gujrud katempo yen aya kondom anu paburaset di toilet anggota dewan teh.
Ceuk, kalangan ge bener loba anggota dewan nu bermuka dua , naon contona ieu we masalah revisi UU KPK, asal namah gujrud rek ngararevisi UU KPK nu ceuk beja mah pikeun ngaleleuskeun KPK, tapi akhir-akhir saenggeus di demo ku kalangan masyarakat ,  ayeunamah paalus-alus benget yeng cenah “ teu ngadukung kana revisi eta”, biasa kapanggih keur nyinghareupan dua rebu opat belas mah, nyieun pencitraan karahayatna sorangan.
Padahal rahayat nu sakitu lobana nu anti korupsi  teh lain jalma bodo, bisa ninggali dina bener-bener atawa henteuna nu dilakonan ku anggota-anggota dewan teh, saperti ayeuna  akhirna anggota dewan geus ngalesotkeun bintangna pikeun ngawangun gedong KPK, tapi nu anehnateh aya sabaraha persyaratan nu kudu dicumponan cenah, da sabnerna mah ceuk jelma nu teunyaho kana hukum da yakin KPK ge moal ingkar tina jangjina pikeun ngabersihkeun korupsi da etamah geus tugas utamana sarta rakyat geus siap pikeun ngadukung sarta jadi  panginget KPK, nyakitu deuih atuh geus pasti kanyahoan yeng gedong etateh ngandung kamaslahatan pikeun nyalametkeun bangsa jeung nagara tina korupsi-korupsi. Soalna geus katempo pagaweaanana timimiti nu korupsi pajeg neupi ka nu korupsi  wiswa atlet geus diabuskeun kameja hejo, memang masih loba keneh pagawean KPK saperti kasus Mega Skandalna Centuri Can Kabuka, tapi KPK geus janji dek sagancangna mereskeun kasus eta, sarta rakyat ge ngadagoan pagawean-pagawean KPK satuluyna dina pemberantasan korupsi.
Sugan kaharepna bener bener wawakil urang nu aya di pamarentahan jeung parlemen bisa jadi wakil nu dipercaya tara khianat kana janji jeung jabatana, lain ukur dekeut karahayat teh waktu kompanyena wungkul nu mangrebu janji janji nu dek di bikeun pikeun kasejahteraan rakayat, tapi ari kanyataan na eweuh?
Tapi urang ge masih yakin loba keneh wawakil nu jalujur tur bisa di percaya. (surya suwarna)
Tangerang, 13/10/2012 11:41 pm

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Post Bottom Ad

Responsive Ads Here

Pages