OPINI BASA SUNDA KU : SURYA SUWARNA
KADE WAWAKIL “BEURIT” DI NAGARA URANG
Bener asa teu pamenangkeun ari
rahayat leutik , heeuh aralus ari ngomong di harepeun tivi mah yén maneh na teh segut ngomong “ aing
teh wawakil rahayat nu merjuangkeun sora rahayat timimiti nu leutik semeut kanu
gede”, nu penting mah nu leutik
heula we bener bener perjuangkeun teh, lain ukur di kedokan ku carita wungkul
nu akhirna jadi bukur teu ka ala pati-patina acan, ari rahayat geus bergejolak di handap kakara we daraek ingkah
merjuangkeun rahayat, maenya kudu unggal poe demo, manya kudu unggal poe
gogorowokan di gedong dewan tapi didengekeun
henteu.
Ceuk bahasa pulitiknamah loba nu
bengeut pencitraan hungkul, teu nutup paningali yén loba wawakil urang “rahayat” nu
di pilih kurahayat, nu geus ka amanatan kurahayat tipoe ka poe asa beuki maceuh
anu korupsi ngahakanan duit rahayat anu katewak ku KPK ( Komisi Pambarantasan
Korupsi), sakitu gede jasana KPK pikeun rahayat nyalametkeun duit nagara nu
asalna tirahayat-rahayat keneh, matak
bener rahayat nepi ka bebeakan ngadukung KPK
pikeun meresiahan KORUPSI, tapi aya nu nyieun piluluconeun tapi teu
lucu? Nyatea wawakil rahayat nage nu calik manis di korsi dewan malah
katinggalina edek ngalemahkeun KPK. Ari dina omongan dek ngadukung nguatkeun KPK , eh ari dina bukti namah kalah
kah ngajurus ka na ngaleleuskeun KPK.
Timimiti anggota dewan ngabintangan
dana pikeun pangwangunan gedong KPK
neupi ka dek ngarevisi Undang-Undang KPK nu ceuk sabagaian kalangan yen
mun Undang- Undang eta di Revisi tangtu bakal bisa ngaleleuskeun KPK.
Pantes atuh kugemesna gemesna teuing ka anggota dewan anu ngabintangan
pangwanguanan gedong KPK tandana can diwidian atuh timimiti masyarakat tukang
beca, PKL, MahaSiswa sarta sakabehna masyarakat nu ngadukung kana meresiahan
Korupsi nu aya di Nagara urang, sakabehna paheyek-heyek leungeun ,
sabilulungan, sauyunan ngagalakeun “ SAWERAN PIKEUN KPK”, teu eramah kitu eta
anggota anu calik di gedong dewan ? ari manaehna nganggarkeun dana pikeun
nyieun lapang parkir jeung toilet mangmiliyar-miliyar diutamakeun bari
sabenerna rahayat teu ngadukung pikeun nyieun sarta ngomean toilet nepi ka
mangmiliyar-miliyar ?, Emang anu dipiceun dina toilet eta teh emas atawa naon?
Atawa beda kitu nu dikaluarkeun ku rahayat leutik jeung anggota dewan nu di piceunana?,
padahal basa itu ge gujrud katempo yen aya kondom anu paburaset di toilet
anggota dewan teh.
Ceuk, kalangan ge bener loba
anggota dewan nu bermuka dua , naon
contona ieu we masalah revisi UU KPK, asal namah gujrud rek ngararevisi UU KPK
nu ceuk beja mah pikeun ngaleleuskeun KPK, tapi akhir-akhir saenggeus di demo
ku kalangan masyarakat , ayeunamah
paalus-alus benget yeng cenah “ teu ngadukung
kana revisi eta”, biasa kapanggih keur nyinghareupan dua rebu opat belas
mah, nyieun pencitraan karahayatna sorangan.
Padahal rahayat nu sakitu lobana
nu anti korupsi teh lain jalma bodo,
bisa ninggali dina bener-bener atawa henteuna nu dilakonan ku anggota-anggota
dewan teh, saperti ayeuna akhirna
anggota dewan geus ngalesotkeun bintangna pikeun ngawangun gedong KPK, tapi nu
anehnateh aya sabaraha persyaratan nu kudu dicumponan cenah, da sabnerna mah
ceuk jelma nu teunyaho kana hukum da yakin KPK ge moal ingkar tina jangjina
pikeun ngabersihkeun korupsi da etamah geus tugas utamana sarta rakyat geus
siap pikeun ngadukung sarta jadi
panginget KPK, nyakitu deuih atuh geus pasti kanyahoan yeng gedong
etateh ngandung kamaslahatan pikeun nyalametkeun bangsa jeung nagara tina
korupsi-korupsi. Soalna geus katempo pagaweaanana timimiti nu korupsi pajeg neupi
ka nu korupsi wiswa atlet geus
diabuskeun kameja hejo, memang masih loba keneh pagawean KPK saperti kasus Mega
Skandalna Centuri Can Kabuka, tapi KPK geus janji dek sagancangna mereskeun
kasus eta, sarta rakyat ge ngadagoan pagawean-pagawean KPK satuluyna dina pemberantasan
korupsi.
Sugan kaharepna bener bener
wawakil urang nu aya di pamarentahan jeung parlemen bisa jadi wakil nu
dipercaya tara khianat kana janji jeung jabatana, lain ukur dekeut karahayat teh
waktu kompanyena wungkul nu mangrebu janji janji nu dek di bikeun pikeun
kasejahteraan rakayat, tapi ari kanyataan na eweuh?
Tapi urang ge masih yakin loba
keneh wawakil nu jalujur tur bisa di percaya. (surya suwarna)
Tangerang, 13/10/2012 11:41 pm
Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaéta jaipongan. Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan téh bubuhan sakitu populérna.
Upama dibandingkeun jeung kasenian séjénna, kayaning calung, angklung atawa réog, jaipongan leuwih loba nu mikaresep. Pangna kitu lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih punjul, pangpangna dina lebah unsur gerakan.
Lamun ditilik tina sajarahna, jaipongan téh asalna tina kasenian ketuk tilu, nyaéta kasenian anu diigelan ku ronggéng atawa dombrét disebutna di wewengkon basisir kalér mah.
Éta ketuk tilu téh tuluy diropéa ku Gugum Gumbira, salasaurang seniman karawitan Sunda. Ditambahan deui boh dina tatabeuhanana, boh dina gerak ibingna. Gerak ibingna dipasieup deui ku gerak silat, tari modéren, jsb. Ngaranna ogé tuluy robah, tina ketuk tilu jadi jaipongan.
Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana. Kamekaran henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana. Dina dunya rékaman upamana, kiwari geus pohara lobana kasét-kasét rékaman jaipongan. Urang bisa manggihan méh di unggal toko kasét. Ku kitu téh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-mana. Malah lain bangsa urang baé nu resepeun, bangsa deungeun ogé teu saeutik anu kasengsremeun. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan.
Dina kahirupan sapopoé, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat téh sok nanggap jaipongan. Kitu deui dina acara pagelaran-pagelaran seni, boh dina agustusan boh pintonan seni di sakola, nu ngigel jaipongan di panggung téh apan tara kaliwat, sok aya baé. Ieu hiji bukti yén kasenian jaipongan téh kalandep ku balaréa.
CONTO SAWALA BASA SUNDA
MATERI SAWALA
NGAMEKARKEUN KASENIAN TRADISIONAL
Kasenian Jeung Hal – Hal Anu Numbuhkeun Pikeun Ngamekarkeun Kasenian Tradisional
Unggal nagara ngabogaan salah sahiji anu jadi ciciren bangsana diantarana kasenian, rupa-rupa kasenian aya di tiap suku bangsa anu nyicinganna. Naon atuh ari kesenian teh? Kasenian mangrupakeun hiji kagiatan anu nimbulkeun kesan endah dina
jero manah. Kasenian teh sacara umum di bagi dua, nurutkeun waktuna
nyaeta, kasenian tradisional jeung kasenian modern. Rupa rupa bentuk
jeung contohna kasenianteh aya anu mangrupa seni lagu, aya anu mangrupa
seni tari ( ibing ), aya seni pertunjukan, seni drama atawa teaterna
,aya nu mangrupa alat – alat kaseniana, jeung rupa – rupa deui kasenian
nulaina.
Kasenian
tradisional mangrupakeun aset bangsa anu berharga tina aspek ekonomi,
sosial, jeung budaya. Mangrupakeun aset ekonomis, kasenian tradisional
ngabukti ngabogaan nilai komersiil anu luhur jeung lobana apresiasi ti
dunia internasional. Namun leuwih penting deui, Kasenian tradisional
mangrupakeun warisan budaya anu ngabogaan arti penting pikeun kahirupan
adat jeung sosial kulantaran dijerona ngandung nilai, kapercayaan, jeung
tradisi, sarta sajarah ti salah sahiji masyarakat lokal. Sababaraha
kasenian tradisional henteu wae fungsina pikeun hiburan wungkul, namung
di jerona ngandung panghormatan pikeun arwah luluhur jeung nilai-nilai
magis religius lainna. Conto kasenian tradisional anu aya di tatar
nusantara, Wayang Golek ti Jawa Barat, Ondel – Ondel ti DKI, Tari Saman
ti Aceh, Tari Kecak di Bali, Gamelan ti Jawa Jeug Bali, Tipa, Reog
Ponorogo, ti Jawa, jeung rea rea deui, tapi,
dina kaayaan kiwari kasenian tradisional geus loba di popohokeun ku
nonoman ayeuna contona wae khususna pikeun kasenian sunda, kasenian
sunda dina jaman kiwari ku generasi muda dianggap kasenian anu
kampungan, padahalmah kasenian sunda teh mangrupa kasenian anu geus
napak dina kahirupan sapopoe. Saha atuh nonoman sunda ayeuana anu apal
kana pupuh jeung tembang – tembang sunda lainna, teu saeutik nonoman
sunda ayena anu teu apal kanu hal anu leutik saperti dua conto diluhur,
apal kanu pupuh jeung tembang sunda laina. Dina hal eta perluna sikap
urang salaku nonoman sunda pikeun nagamekarkeun deui kasenian
tradisional abeh tetep henteu punah ngalawan waktu, jeung bisa di
lestarikeun abeh henteu di aku aku ku nagara sejena, pan kasenian
tradisionalteh teh mangrupakeun kakayaan intelektual bangsa.
Hal – hal anu kudu di tumbuhkeun tina diri urang pikeun ngamekarkeun kasenian tradisional khususna kasenian sunda :
1. Urang
salaku nonoman sunda kudu daek ngamimitin cinta ka daerah sorangan, boh
cinta ka lingkungana, ka basana, ka khasan daerahna jeung kaabus cinta
ka kaseniana.
2. Mun
urang geus mikaboga rasa cinta ka daerah khususna ka keseniaana mangka
urang mangrupa nonoman sunda ulah era di ajar ngenaan ka kesenianana,
beh urang leuwih nyaho kana kasenian eta.
3. Mun
urang geus apal kana kasenian eta mangka urang kudu daek ngamalkeunana
merenyaho ka nusejena jeung ngajak kanu encan apal kana kasenian eta .
4. Promosikeun
ku urang anu mangrupa nonoman abeh kasenian eta bisa di pikanyaho dina
kawasan nagara urang sorangan khususna atuh nagara batur umumna abeh
anu lainna bisa ngilu resep jeung ngahrgaan kana rupa – rupa kasenian
tradisional.
Ingsa
Alloh,amun hal – hal anu tadi bisa dituwuhkeun mangka kasenian urang (
tradisional ) bisa dimekarkeun jeung moal punah ngalawan waktu.
Ngamekarkeun Kasenian Tradisional, Dina Masalah Ngajaga Kasenian Tradisional Sangkan Teu Di Aku Ku Bangsa Dengeun .
Salain
sikap urang anu ngadukung kanu ngamekarkeun kasenian tradisional, sikap
jalma sejena ge kudu didukung abeh babarengan bisa ngamekarkeun
kasenian tradisional. Jeung deui dina hal ieu sikap pamarentah oge kudu
ngadukung pikeun ngamekarkeun kasenian tradisional jeung ngajaga
kasenian tradisional sangkan henteu jadi aku – akuan bangsa batur, tapi
Lamun sakabeh unsur masyarakat di masyarakat di Indonesia Ngabogaan
komitmen pikeun ningkatkeun potensi ekonomi kasenian tradisional
sakaligus ngahormatan hak – hak sosial jeung budaya bangsa, kondisi kitu
henteu bisa di anteb. Sababarah langkah perlu di lakonan sangkan
nganitikberatkeun upaya di merean kabebasan pikeun masyarkat adat atau
seniman tradisional eta sorangan tina milihan pamanfaatan anu layak pikeun ciptaannaa. Tilu
hal ieu aya sababaraha strategi anu bisa dilakukeun ku sakabeh unsur
masyarakat sesuai ejeung peran jeung fungsina masing – masing mangka
moal dibebankeun sakabehna ka pamarentah.
Kahiji, nyaeta
mere pamahaman ka masyarakat adat jeung para seniman tradisional
ngenaaan arti peunting kasenian tradisional. Lamun maranehna enggeus
nyaho hak – hakna anu dilindungan ku hukum, sangkan maranehna ngabogaan
pamahaman anu layak jeung kabebasan anu nganentukeun sorangan
pamanfaatan ciptaan maranehana. Tina ngalakukeun program edukasi anu
saperti kitu, di butuhkeun unsur masyarakat anu bisangabaur ejeung
masyarakat lain satempat. Pikeun mere pamahaman ka komunitas adat,
diperlukeun pamahaman tina sistem soial maranehna sahingga ngajangkau
pamimpin adat anu jadi panyokot kaputusan pangluhurna.
Kadua, ngamanfaatkeun kasenian sacara optimal jeung ngahormat kana hak – hak sosial jeung budaya masyarakat anu ngabogaan kapentingan. Salah sahiji faktor saeutikna kasadaran
hukum masyarakat tina pentingna perlindungan pikeun kasenian
tradisional nyaeta kurangna minat masyarakat pikeun kasenian eta
sorangan. Henteu jarang kasenian tradisional Indonesia leuwih dihargaan
ku pihak asing tibatan ku masyarakat indonesia. Sababaraha karya
adaptasi tina kasenian tradisional Indonesia justru dilakukeun ku
seniman asing jeung kanyataana meunang sambutan anu positif. Sakabeh
pamangku kapentingan kaindustri kasenian, produser musik contona, kudu
ilubiung kana ngadorongna perkembangan kasenian trdisional.
Katilu, nyaeta ngalakukeun dokumentasi anu komprehensif. Dokumentasi anu ngamadai tinakasenian
tradisional Indonesia anu fungsina pikeun mekanisme perlindungan
defensif keur ngananganan panyalahgunaan. Contohna wae dina kasus lagu “rasa sayange” misalna,
lamun Indonesia ngabogaan dokumentasi anu ngdukung lagu eta
mangrupakeun lagu tradisional Indonesia anu enggeus dipraktekeun lila,
mangka enggeus ngaboggan dasargugatan anu jelas.
Conto Kasenian Anu Geus Dimekarkeun
Kasenian
tradisional nyaéta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan
masarakat. Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning; calung, réog, degung,
kendang penca, jaipongan, kaasup conto kaseian tradisional. Tangtu waé
ieu kasenian téh ku urang kudu dimekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku
balaréa sarta henteu tinggaleun jaman.
Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaéta jaipongan. Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan téh bubuhan sakitu populérna.
Upama dibandingkeun jeung kasenian séjénna, kayaning calung, angklung atawa réog, jaipongan leuwih loba nu mikaresep. Pangna kitu lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih punjul, pangpangna dina lebah unsur gerakan.
Lamun ditilik tina sajarahna, jaipongan téh asalna tina kasenian ketuk tilu, nyaéta kasenian anu diigelan ku ronggéng atawa dombrét disebutna di wewengkon basisir kalér mah.
Éta ketuk tilu téh tuluy diropéa ku Gugum Gumbira, salasaurang seniman karawitan Sunda. Ditambahan deui boh dina tatabeuhanana, boh dina gerak ibingna. Gerak ibingna dipasieup deui ku gerak silat, tari modéren, jsb. Ngaranna ogé tuluy robah, tina ketuk tilu jadi jaipongan.
Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana. Kamekaran henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana. Dina dunya rékaman upamana, kiwari geus pohara lobana kasét-kasét rékaman jaipongan. Urang bisa manggihan méh di unggal toko kasét. Ku kitu téh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-mana. Malah lain bangsa urang baé nu resepeun, bangsa deungeun ogé teu saeutik anu kasengsremeun. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan.
Dina kahirupan sapopoé, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat téh sok nanggap jaipongan. Kitu deui dina acara pagelaran-pagelaran seni, boh dina agustusan boh pintonan seni di sakola, nu ngigel jaipongan di panggung téh apan tara kaliwat, sok aya baé. Ieu hiji bukti yén kasenian jaipongan téh kalandep ku balaréa.
Ditulis ku : Surya Suwarna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar